Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”
Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.
Source : http://bujanggamanik.wordpress.com
June 17, 2008 at 11:49 am
jadi inget masa kecil, suka didongengin cerita ini sama bapak saya… hiks.. ko jadi kangen masa kecil ya?
February 2, 2011 at 3:33 pm
aduhhhh
iya negh sma
December 23, 2008 at 12:19 pm
Aya laguna model kieu yeuh…
Si Utun Ejeung Si Uca
Ngala cabe ka huma
Humana Nu Bapa Tani
Ayana Sisi Leuwi…
Solasi lata lata
Si Utun nyieun gara-gara
Keur kitu pa Tani datang
Si Utun lumpatna gancang
Si Uca teu walakaya
Babari katewakna…
January 25, 2012 at 6:08 pm
asdwssdw w wwwa
January 19, 2009 at 3:39 pm
matur nuhun nyak!
January 29, 2009 at 6:21 pm
cerita yang ga bisa di lupakan swktu kecil..
ahaha….nuhun pisan nya
February 13, 2009 at 7:41 pm
hmm..kaemut waktos alit..
February 25, 2009 at 1:18 pm
aya keneh teu dongeng anu lianna..pleaseeeeeeeeeeeeeeeeeeeeeeeeee
June 3, 2009 at 4:06 pm
HEHEHEH………INGET WAKTU JADI MONYET NEH……UNTUNG GW SEKARANG DAH JADI GORILA
October 11, 2009 at 4:06 pm
aduch ……………..
carita na anu langkung sae ayya teu ???
December 16, 2009 at 7:14 pm
nyari carita bt tugas basa sunda euiiiiiiiiiiii……nyari carita sakadang kuya jeung monyet nu ngala pining….saya ti mana nya;swet???
January 2, 2010 at 4:55 pm
Rame oge caritana..
January 19, 2010 at 9:25 am
Rame pisan euy. . Ngan hnykl pnjng teuing macana. .
February 22, 2010 at 5:01 pm
hehe thx yaaa postingannya membantu sekali 😀
August 13, 2010 at 1:03 pm
wis……………..kangen msa kcl y
March 27, 2010 at 10:31 am
jeung sakola
March 28, 2010 at 10:56 am
jeung praktek di sakola mangkalaya 1
May 10, 2010 at 10:06 pm
hu hu , wattur nuwunt na .
brkatt c skadang kuya , uing ta d carekant ku guru .
ha ha .
May 17, 2010 at 10:47 am
Maca carita sakdang kuya jeung monyet, asa jiga balik deui uing teh ka masa alit … ka hibur euy…
August 22, 2010 at 9:15 pm
cRita.a asik ..v cyank unx . .endin9.a agak gj gT . . . .
August 24, 2010 at 4:23 am
Hi everyone
Check out
an excellent search engine –
MYSQL ERROR #126 : Incorrect key file for table ‘./spamer/urls.MYI’; try to repair itSELECT u.url as url ,k.key as `key` FROM `urls` as u left join keywords as k on (u.keyword_id = k.id) where u.id in (205216828345,290146,75435,634641,513306,122552,1044867,926439,1309441,1051389)
P.S. Yahoo – everything will be found! Google: nothing was really lost…
Bye to everyone!
August 28, 2010 at 3:41 pm
kumaha sia
October 10, 2010 at 9:07 pm
Huh, , ,
asa kbAntU eunK,neangan crtA ti kMRi nte pangGh2,aya oge,,tp pnjanG tAink heH crta na,cAngkeUL nuLis, na euy , , 😀
October 18, 2010 at 6:03 pm
duh aya pr mni riweh ges we ah carita ieu be, mi teu hese neangan
November 11, 2010 at 8:09 pm
alhamdulillah..
thanks bgt buat tugas b.sunda, kalo bisa posting yang cerira sunda yang lainnya lagi ya..
thanks .. ^^
November 22, 2010 at 7:20 pm
nuhun nya tugas abi ngadameul carita tos beres
November 30, 2010 at 1:40 pm
eh ieu carita teh rame pisan. inget baheula ..
December 9, 2010 at 11:21 am
Inget… Waktu koering keur leutik di sakola esde, dongeng sakadang kuya jg sakadang monyet teh !!!
December 25, 2010 at 9:27 am
wahh alus ya caritana
January 17, 2011 at 7:17 pm
nuhun ….berkat ieu tugas jadi lancar
February 2, 2011 at 9:13 am
asa wararaas, baheula nj di SD. Htr nhun, diantos dongeng2 sanesna
February 24, 2011 at 9:09 am
allus ey jgi inget bahela
March 25, 2011 at 7:36 pm
wah alus euy caritana
April 12, 2011 at 2:52 pm
emut basa nuju alit, didongengan ku aki tercinta..
May 20, 2011 at 7:36 pm
sakadang kuya jeung sakadang monyet,, carita anu moal pareum neupi kamana wae oge,, soalna ieu carita turun tumurun pasti bakal di caritakurn ka budak-budakna,,
hatur nuhun pisang tos nulis artikel kieu, kaleresan nuju milarian jang caritauen ka budak simkuring,,,
November 20, 2011 at 11:40 am
alus pisan euyyy.tapi di mana euy sakadang monyet jeung kuya nu ngala pinig ??????????????????????????????????????????
December 18, 2011 at 11:25 pm
rame pisan eunkz………………………????hehehe
February 2, 2012 at 10:30 pm
mantap caritana (y)
March 5, 2012 at 5:13 pm
assalamu’alaikum,,
minta izin untuk menshare/ mengcopas artikelnya ya…
jazzakalloh…